The S.I.G.I.T. (akronim ti The Super Insurgent Group of Intemperance Talent) nya éta grup musik indie anu dibentuk taun 1997 di Bandung, Indonesia[1][2]. Personil The S.I.G.I.T. diantarana Rektivianto Yoewono (vokal & gitar), Aditya Bagja Mulyana (bass dan vokal), Farri Icksan Wibisana (gitar jeung vokal), jeung Donar Armando Ekana(drum)[2]. Ngaran The S.I.G.I.T. sorangan karak dipaké taun 2002[2].
The S.I.G.I.T. mangrupa potrét grup musik indie anu ngamangpaatkeun
téknologi katut situs jejaring sosial pikeun ngawanohkeun lagu-laguna[2] Ngaliwatan dunya maya ogé, The S.I.G.I.T. dipikawanoh ku salah sahiji label di Australia, terus nawaran The S.I.G.I.T. pikeun nyieun album versi Australia
Karir
Taun 2002, The S.I.G.I.T. nyirun kontrak jeung Spills Records terus ngarilis album mini album (EP) pertamana, terus mulai manggung di Sababaraha bar gigs jeung tempat musik séjénna[1]. Soul Sister, single pertamana The S.I.G.I.T. jadi jawara di sababaraha radio lokal Bandung jeung Jakarta, malah mah majalah MTV Trax méré sebutan pikeun The S.I.G.I.T. nya éta The Hottest Rock N Roll Band in Town[1]. The S.I.G.I.T. ogé kungsi nyieun soundtrack pikeun pilem CATATAN AKHIR SEKOLAH (CAS)[1]. Album-album anu geus dirilisna nya éta The S.I.G.I.T. (EP) anu dirilis taun 2007, Visible Idea of Perfection – 2007, jeung Hertz Dyslexia EP – Part 1 -
0 komentar:
Posting Komentar